Lalaki dina Jandéla
Minggu ieu Bapa kuring mimiti gawé di kantor nu anyar. Ngarah deukeut, Bapa meuli imah nu teu jauh ti kantorna. Kuring, Ema, Wati, milu pindah ka imah anyar. Kuring sakulawarga atoh pisan sabab imahna rada gedé batan nu kamari.Kuring jeung Wati gé boga kamar sorangan ayeuna mah, matak moal aya deui perang suten hayang dicaangkeun atawa dipareuman lampu ari waktuna saré. Kuring jeung Wati selang béda umur dua taun, tapi pasipatanana béda pisan. Wati mah gancang akur jeung batur ari kuring cicingeun jeung teu resep abring-abringan cara Wati.
Pindah ka dieu téh kakara saminggu ka tukang, tapi kuring geus ngarasa betah sanajan lolobana mah cicing waé di kamar. Tuda hayang boga kamar sorangan téh geus jadi impian kuring ti baheula kénéh, tapi kakara kacumponan ayeuna. Eta kamar téh ku kuring dihadé-hadé sangkan kuring nu nyicinganana leuwih betah keur nyumangetan diajar. Témbokna dicét héjo pucuk daun, lomari buku jeung risbangna warna bodas, buku-buku diéntép dirapih-rapih sangkan teu hésé néang ari butuh. Ah pokona mah betah! Leuwih betah ayeuna mah di kamar téh, moal matak kaganggu nanaon.
Pasosoré ari tas balik sakola kuring sok buru-buru mandi, barang dahar, tuluy ka kamar. Keur anteng maca buku bari diuk dina palang dada jandela, kuring ujug-ujug teu puguh rarasaan jiga aya nu merhatikeun. Ari dilieuk téh enya wé, hiji lalaki nu taksiran umurna luhureun kuring keur ngajanteng ningali ka kuring di jandéla peuntaseun imah. Kuring reuwas, buru-buru wé kuring asup ngajauhan jandéla. Kuring diuk dina kasur, kabayangkeun cara manéhna ningali kuring ku mata kosong. Sieun sakaligus panasaran. Kuring teu wani deui ngadeukeutan jandéla.
Pukul satengah genep kuring kaluar ti kamar muru ka rohang tipi. Teu anéh unggal soré aya Ema jeung Wati keur lalajo sinétron. Gék kuring diuk nyanghareupan tipi, milu lalajo sinétron.
“Tara-tara lalajo sinétron? Bosen nya di kamar waé?” ceuk Ema nu kakara nanya basa sinétronna kaselang ku iklan. Kuring ngan ukur robah diuk bari nanggeuy gado. “Nya, sakali-kali mah atuh keun baé lalajo sinétron gé Ning, ngarah teu bosén. Hiburan. Tong cicing waé di kamar.” Ceuk Ema deui. Kuring angger teu némbalan, ngadon cemal-cemil nyingkahan kareuwas nu tadi. Sinétron maén deui. Ema, Wati, aranteng deui lalajo sabot kuring kumalayang inget ka lalaki nu tadi.
“Lalaki dedegan jangkung leutik, buuk gondrong acak-acakan, matana leutik, keureutan urang Arab katingalina mah. Pakulitanana teu pati jelas da kuring kaburu reuwas mantén. Tapi kunaon bet ningali kuring jiga kitu?” kuring norowéco dina haté.
Teu karasa geus pukul salapan. Ema geus tibra di kamarna sabada sinétron bérés, Wati kitu deui tibra dina korsi hareupeun tipi. Ari kuring? Rék ka luhur téh mandeg mayong, jadi nambahan kasieun padahal mah geus tunduh pisan. Tungtungna kuring saré duaan jeung Wati dina korsi hareupeun tipi.
“Geuningan sararé di dieu? Apan geus baroga kamar sorangan-sorangan?” ceuk Ema subuh-subuh.
Kuring nguliat, hudang, ka cai, tuluy shalat di kamar. Poho nu geus kaalaman soré kamari, matak asup ka kamar téh biasa wé teu inget nanaon. Sanggeus shalat, sanggeus ngaji, rék ganti baju seragam sakola kuring kakara inget jandéla teu ditutup sapeupeuting. Lalaunan kuring ngadeukeutan jandéla bari ningali ka lebah jandéla nu aya lalaki téa. Kosong. Euweuh sasaha. Kuring longsong. Jandéla buru-buru ditutupkeun, gesat-gesut dangdan, tuluy turun deui muru sasarap jieunan Ema.
Bérés sasarap kuring indit ka sakola bareng jeung Wati ogé Bapa. Simpé, kawas euweuh nu nyicingan basa kuring ngahajakeun ningali imah nu aya lalakian téa. Ditilik-tilik imahna mah beresih, tatangkalan kariksa, ngan pager nutup bari dikonci.
“Ngalamun waé Ning, kunaon?” ceuk Bapa bari nyupiran.
“Ah henteu, Pa.” Kuring ngajawab singget.
“Bener teu nanaon?”
“Muhun... “ ceuk kuring bari imut. Sanepina di sakola, kuring teu pati inget ka éta lalaki, inget-inget deui téh basa kuring balik deui ka imah wé.
Saperti biasa balik sakola téh kuring tuluy ka kamar, neundeun kantong dina méja belajar. Rap nyokot anduk tuluy mandi. Ngelol deui kuring ka jandéla, kosong, euweuh sasaha. Buru-buru kuring ka handap. Sanggeus mandi, ganti baju jeung shalat, kuring barang dahar sakur nu aya dina méja.
“Ning, urang balanja yu?” ceuk Ema.
“Balanja naon?” kuring malik nanya.
“Urang balanja kueh wé ka supermarkét nu deukeut” ceuk Ema.
“Kuéh naon, Ma? Pan itu gé aya kénéh?” Kuring nanya deui.
“Kieu, Ning. Tadi basa Ema ka warung rék meuli minyak panggih jeung Ibu Rudi, nu imahna aya tangkal dalima téa ningan. Tuluy ngobrol, manéhna poé ieu téh kabagéan méré dahareun ka Jang Uloh nu cicingna hareupeun imah urang pisan.” Ceuk Ema nyarita.
Kuring ngagebeg. “Jang Uloh? Nu dipayuneun bumi urang? Kunaon kitu, Ma?” kuring panasaran.
“Enya, di hareupeun imah urang téh aya hiji lalaki hirup sorangan. Umurna mah sarualah jeung Ening. Manéhna ditinggalkeun ku kolotna da indung téréna embung ngurus, beunang ku disiksa wé éta budak téh nepi ka gering. Saditinggalkeun téh euweuh nu ngurus sagala rupana, cul wéh. Ukur Mang Unang wé nu sok bulak-balik ka dinya téh, maturan jeung ngurus sabisa-bisa ari geus bérés ngajemputan barudak sakola. Kituna teh pédah Mang Unang baheulana kungsi jadi supir bapana. Beuki ka dieu budak téh cenah beuki embungeun nanaon. Sakapeung mah sok hing waé ceurik mun keur disanghareupan ku Mang Unang téh. Nu disebut ngan indungna nu geus taya dikieuna. Tara daék diajak ka luar, tara daék panggih jeung batur, cicing wé di imah. Nu matak, ibu-ibu di dieu mah cenah sok sakali éwang méré dahareun keur manéhna jeung Mang Unang. Atuh urang gé kitu wé nya? Anyar-anyar ogé, komo hareupeun imah pisan mah.” Ema nyarita nepi ka kuring bérés barang dahar. Kuring teu ngajawab nanaon, ngan kapanasaran kuring beuki nambahan hayang leuwih nyaho ngeunaan manéhanana.
“Hayu atuh Ma, karunya ari kitu mah” ceuk kuring sumanget.
Deregdeg kuring jeung Ema indit ka supermarkét. Sanggeus balik balanja, Mang Unang geus nyampak di imah rék mawa dahareun.
“Mang, kénging ngiring kitu? Maksad téh badé sakantenan silaturahmi wé..” ceuk kuring.
“Enya Mang, bari hayang ningali wé. Sugan atuh ari deukeut mah ku abdi tiasa katalingakeun ongkoh.” Ema negeskeun.
“Mangga upami teu répot mah, hayu” ceuk si Emang.
“Assalamu’alaikum Den.. Ieu Emang“ kitu si Emang ngabasakeun téh. “Tingali, ayeuna mah Emang ka dieu téh sareng Ibu Dede, tatanggi Den Uloh nu énggal. Hoyong terang cenah ka Den Uloh.”
Geus apaleun pisan Mang Unang mah lebah-lebahna éta imah, geus teu asa-asa kaluar asup gé. Bari kitu téh kuring mah bari pepereket nyepengan ka leungeun Ema, luak-lieuk ningali saeusi imah. Beresih. Euweuh nanaon iwal ti risbang Jang Uloh jeung tipi. Pajar téh ngarah teu keueung teuing lamun Emang saré di dieu, da Mang Unang mah di dieuna gé nyorangan.
“Den, tingal ka dieu. Salim heula ka Bu Dede. Da Den Uloh mah pinter nya?” ceuk Mang Unang ngolo ka manéhna. Manéhna tungkul, murungkut di juru risbang embung ningali ka nu datang.
“Ieu, Ibu gaduh tuangeun sakedik kanggo Cép Uloh. Dituang nya? sakantenan nepangkeun, Ibu tatanggi Cép Uloh nu énggal, bumi Ibu dipayuneun pisan bumi Cép Uloh. Taah ieu putra Ibu, Nining. Nu saurang deui mah tacan wangsul sakola” ceuk Ema. Manéhna angger tungkul nepi ka kuring jeung Ema ninggalkeun éta imah.
Ti harita, manéhna sok sering katingali tina jandéla lamun kuring keur ngahaja diuk dina jandéla bari maca novel. Kitu deui kuring nu geus tara reuwas atawa sieun mun manéhna nangtung hareupeun jandéla. Nepi sababaraha waktu mah kuring jeung manéhna sok paadu teuteup. Silih imut dina waktu-waktu nu sarua. Isuk-isuk saacan indit sakola jeung pasosoré mun kuring balik sakola. Aya sumanget nu karasa ku kuring sanajan kuring jeung manéhna ngan ukur silih teuteup jeung silih imut. Sugan jadi ubar haté keur manéhna gé nu keur gering.
“Niiing....” Ema ngageroan. “Niiing... kadieu! Aya tamu.”
“Muhun sakedap. Aya saha kitu Ma?” ceuk kuring.
“Kadieu wé.” Ceuk Ema. Kuring turun tangga téh jadi rurusuhan. Barang srog téh, Mang Unang jeung manéhna. Rada pangling, beresih batan mimiti papanggih. Buukna rapih, sanajan manéhna tetep katingali embung panggih jeung batur.
“Ieu cenah, Mang Unang badé amitan.” Ceuk Ema ka kuring.
“Badé kamana kitu Mang?” nanya ka Emang bari rérétan mah ka manéhna.
“Muhun, badé amitan. Emang badé wangsul heula ka lembur, itu pun anak cenah hoyong waé pendak. Dén Uloh gé badé dibantun wé. Hawatos di dieu teu aya nu ngurus. Rada lami rupina mah, Bu, Neng. Upami teu aya pambengan nya panginten ka dieu deui, upami henteu mah panginten ngalongokan bumi wé bilih aya nanaon.” Mang Unang ngajelaskeun.
“Mangga atuh Mang, keun bumi mah panginten sakali-kali ku abdi gé kalongokan. Wilujeng, sing salamét dugi ka lembur. Mudah-mudahan Cép Uloh gé kabangbrangkeun manahna nya Mang? Ieu mah sakedik kanggo bekel di jalan.” Ceuk Ema bari ngasongkeun amplop keur nambahan ongkos Mang Unang.
Jung Mang Unang jeung manéhna indit ninggalkeun imah kuring, ninggalkeun imah manéhna, ninggalkeun jandéla tempat mimiti kuring ningali manéhna. Ayeuna mah kari tapakna basa kuring diuk dina jandéla unggal soré.***